Saturday, July 26, 2008

MAKENA TATAKRAMA BASA SUNDA

(1) Ngalarapkeun Ragam Basa

Hal anu kudu diperhatikeun upama urang rék ngalarapkeun ragam basa tatakrama basa Sunda nyaéta:

1. saha anu nyarita,
2. saha anu diajak nyarita,
3. saha atawa naon anu dicaritakeun, jeung
4. suasana dina waktu nyarita.

Saha anu nyarita? Tangtu baé urang atawa diri sorangan. Ragam basa anu dilarapkeunana ogé ragam hormat keur ka sorangan, upama urang nyarita ngagunakeun ragam hormat. Upama urang niténan sawatara konsép panta-panta basa anu geus dipedar dina bagian 3, tétéla konsép tatakrama basa Sunda mah leuwih basajan upama dibandingkeun jeung konsép undak-usuk basa Sunda. Dina konsép ndak-usuk basa Sunda mah apan, upama urang rék ngalarapkeun ragam basa téh kudu mikir-mikir heula: naha anu nyarita satata, saluhureun, atawa sahandapeun anu diajak nyarita. Kakara urang bisa nangtukeun ragam basa anu dipaké.

Kitu deui jeung anu dicaritakeunana, urang kudu mikir heula naha anu rék dicaritakeun téh sahandapeun, saluhureun, atawa satata jeung urang katut anu diajak nyarita. Nyaritakeun jalma anu satata ka saluhureun, tangtu béda ragam basa anu dipakéna jeung nyaritakeun saluhureun ka sahandapeun. Nyaritakeun sahandapeun ka sahandapeun, tangtu béda jeung nyaritakeun saluhureun ka saluhureun deui. Tah, dina konsép tatakrama basa Sunda mah henteu kitu. Pikeun anu nyarita, saha baé anu nyaritana, rék saluhureun, rék sahandapeun, rék sahandap jeung anu diajak nyarita, ragam basa anu dipaké keur ka sorangan mah nya ragam hormat keur ka sorangan. Kitu deui jeung anu diajak nyarita jeung jalma anu dicaritakeun, saha baé anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeunana, ragam basa anu dipaké téh nyaéta ragam hormat keur ka batur. Koncina mah: ragam hormat keur ka sorangan dilarapkeun pikeun nu nyarita, ari ragam hormat keur ka btur dilarapkeun pikeun anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeun, iwal anu dicaritakeunana téh lain jalma. Barang atawa sato, ari keur sato mah anu dipaké ragam kasar (cohag). Lamun euweuh ragam kasarna, bisa ngagunakeun ragam loma.

Hal anu kudu diperhatikeun téh nyaéta suasana. Nyarita dina suasana resmi, tangtu béda jeung suasana henteu resmi. Dina suasana resmi ragam basa anu dipaké téh ragam hormat. Sanajan nyarita jeung anu geus loma, ari dina suasana resmi mah, saperti dina rapat, caramah, jeung acara resmi lianna, tetep kudu ngagunakeun ragam hormat.

(2) Nu Merenah jeung Teu Merenah

Dina ngagunakeun basa mah, salila komunikasi lancar euweuh anu salah jeung anu bener, aya ogé anu merenah jeung anu teu merenah dina ngalarapkeun ugeran basana. Dina basa Sunda mah, anu remen kapanggih téh anu aya patalina jeung tatakrama basa. Umumna anu henteu merenah dina ngagunakeun tatakrama basa téh nyaéta dina ngalarapkeun ragam hormat keur ka sorangan jeung ragam hormat keur ka batur. Utamana mah dina kecap-kecap Wanda Kahiji jeung Wanda Katilu. Kecap Wanda Kahiji nyaéta kecap anu ragam hormat keur ka soranganna béda jeung ragam hormat keur ka baturna. Ari kecap Wanda Katilu nyaéta kecap anu ragam hormat keur ka soranganna sarua jeung ragam loma.

Anu henteu merenah dina ngalarapkeun kecap Wanda Kahiji, contona:
1. Mah, abdi badé angkat ka sakola.
2. Abdi mah upami tuang téh kedah aya sayur baé.
3. Téh Dian nuju ngupingkeun lagu tina radio.
4. Tabuh dua mah abdi tos mulih ti sakola.

Kalimah anu merenah:
1. Mah, abdi badé mios ka sakola.
2. Abdi mah upami neda téh kedah aya sayur baé.
3. Téh Dian nuju ngadangukeun lagu tina radio.
4. Tabuh dua mah abdi tos wangsul ti sakola.

Kecap Wanda Kahiji téh henteu loba, dina béréndélan Bab IV ngan aya 39 kecap anu dipaké éntrina.

Ari anu henteu merenah dina ngalarapkeun kecap Wanda Katilu, contona:
1. Abdi mah teu gaduh raka, teu gaduh rai deuih.
2. Abdi téh nyeri sampéan, nu mawi teu tiasa ka mamana.
3. Anggoan olahraga abdi mah kakantun di sakola.
4. Mah, abdi badé ameng heula ka bumi Ina!
5. Ibu Tati mah ka sakola téh sok nyandak payung baé.

Kalimah anu merenah:
1. Abdi mah teu gaduh lanceuk, teu gaduh adi deuih.
2. Abdi téh nyeri suku, nu mawi teu tiasa ka mamana.
3. Baju olahraga abdi mah kakantun di sakola.
4. Mah, abdi bade ulin heula ka bumi Ina!
5. Ibu Tati mah ka sakola téh sok nyandak pajeng baé.

Kecap Wanda katilu kawilang loba, dina béréndélan Bab IV aya 97 kecap anu dipaké éntrina. Tapi sanajan kitu, gampang dijujut gurat-badagna. Umumna kecap-kecap Wanda Katilu téh mangrupa:
1. istilah pancakaki: aki, bapa, indung, anak, adi, lanceuk, alo, jsb.
2. ngaran babagian awak: beungeut, leungeun, suku, pipi, biwir, jsb. Anu teu kaasup kana Wanda Katilu, di antarana beuteung (Wanda Kahiji)
3. ngaran barang anu sok dipaké atawa diterapkeun kana awak: ali, beubeur, baju, calana, payung, jsb. Anu teu kaasup Wanda Katilu di antarana kacamata (Wanda Kadua)
4. ngaran anu sok karasa atawa tumiba kana awak: kasakit, batuk, muriang, seubeuh, capé, tunduh, jsb.

Ari kecap-kecap anu salian ti nu ditataan di luhur, dina Wanda Katilu mah teu kaasup loba, kurang leuwih ngan aya 20 kecap baé. Di antarana kecap diuk, mandi, seuri, ulin, heuay, awéwé, jeung lalaki.

Dina ngalarapkeun kecap tatakrama basa Wanda Kadua mah rélatif euweuh masalah. Ari sababna, ragam hormat keur ka sorangan jeung ragam hormat keur ka baturna sarua, jadi moal salah dina ngalarapkeunana dina kalimah atawa omongan. Upama téa mah masih kénéh loba kasalahan, bisa jadi lain ngan saukur soal tatakrama basa, tapi leuwih jauh ti éta, nya éta soal kamampuh ngawasa kabeungharan kecap basa Sunda. Leuwih jauh deui ti éta, soal sikepna kana basa Sunda!

(3) Ngalarapkeun Kecap Pun jeung Tuang

Dina tatakrama basa Sunda aya kecap pun jeung tuang. Titénan geura conto ngalarapkeunana dina kalimah di handap!
1. Abdi dongkap ka dieu téh tadi siang sareng pun Asép.
2. Kaleresan pun bapa mah henteu iasa sumping ayeuna.
3. Saurna mah engké baé badé sareng sareng tuang rama.

Kecap pun dina kalimah 1 fungsina sarua jeung kecap “si” dina ragam loma. Upama éta kalimah disalin kana ragam loma, kieu:
1. Kuring datang ka dieu téh tadi beurang jeung si Asép.

Kecap pun dina kalimah 2 maksudna pikeun ngalemeskeun kecap bapa, sakaligus mibanda harti “… kuring”. Jadi kecap pun bapa di dinya ngandung harti “bapa kuring”. Anu matak upama urang geus ngagunakeun kecap pun bapa (ragam hormat keur ka sorangan), teu kudu dituturkeun ku kecap kuring. Upama éta kalimah disalin kana ragam loma, kieu:
2. Kabeneran bapa kuring mah henteu bisa datang ayeuna.

Kecap pun anu dituturkeun ku istilah pancakaki, kabéh ogé sarua ngandung harti “kuring”. Contona: pun aki (aki kuring), pun biang (indung kuring), pun adi (adi kuring), pun lanceuk (lanceuk kuring), jeung pun anak (anak kuring).
Ari kecap tuang dina kalimah 3 ngan dipaké dina ragam hormat keur ka batur, anu ngandung harti “anjeun”. Jadi kecap tuang rama di dinya ngandung harti “rama anjeun”. Jadi dina konsép tatakrama basa Sunda mah kaasup kaleuleuwihi lamun nyebutkeun tuang rama anjeun téh. Cukup tuang rama baé. Kecap tuang (anu lain ragam hormat tina dahar), salawasna kudu dituturkeun ku ragam hormat keur ka batur tina istilah pancakaki. Conto séjénna: tuang ibu (ibu anjeun), tuang rai (rai anjeun), tuang raka (raka anjeun). Upama kalimah 3 disalin kana ragam loma, kieu:
3. Omongna mah engké baé rék bareng jeung bapa manéh.

Anu sok jadi masalah téh ngabédakeun antara kecap pun adi anu maksudna “adi kuring”, jeung pun adi anu maksudna “pamajikan kuring”. Kitu deui jeung kecap pun lanceuk anu maksudna “lanceuk kuring” jeung anu maksudna “salaki kuring”. Hésé ngabédakeunana, komo upama anu nyaritana téh jalma anyar pinanggih anu umurna lilikuran. Éta mah dipasrahkeun kana kasurti anu diajak nyaritana baé.

(4) Anu teu Kudu Dirobah kana Ragam Hormat

Teu sakabéh kecap ragam loma, sanajan aya ragam hormatna, bisa dirobah kana ragam hormat (boh keur sorangan boh keur batur), upami urang nyarita ku basa hormat. Titénan geura sawatara conto kalimah di handap!
1. Ka jalmi anu gedé hulu mah seueur nu ceuceub.
2. Bumi Pa Yayat téh di Jalan Balonggedé.
3. Sanaos neda sareng hulu pindang, ari nuju lapar mah raos baé.

Kecap gedé hulu dina kalimah 1 mangrupa babasan. Babasan téh kaasup kana pakeman basa, anu geus matok kekecapanana sarta geus maneuh éntép-seureuhna. Upama diganti ku kecap séjén, dirobah kana ragam basa séjén, atawa dibulak-balik éntép-seureuhna, bakal ngarobah kana maksud éta pakeman basa. Anu matak kecap gedé hulu teu bisa dirobah jadi ageung mastaka, upamana, sabab bakal ngarobah maksud tina éta babasan. Anu kaasup kana pakeman basa, salian ti babasan téh nyaéta paribasa. Ku kituna, babasan jeunh paribasa kaasup kecap atawa ungkara anu teu kudu dirobah kana ragam hormat.

Kecap Balonggedé dina kalimah 2 mangrupa ngaran jalan. Ngaran jalan, ngaran tempat, jeung ngaran géografis lianna kaasup anu teu kudu dirobah kana ragam hormat, upama nyarita ku ragam hormat. Balonggedé mah Balonggedé baé, teu kudu dirobah jadi Émpangageung, upamana. Kitu deui ngaran tempat Pondok Gedé, teu kudu dirobah jadi Pondok Ageung.

Kecap hulu dina kalimah 3 dilarapkeun ka sato, anu dipakéna ogé ragam kasar (cohag). Jadi, sanajan nyarita jeung saha baé, jeung Bupati upamana, hulu pindang mah hulu pindang baé, teu kudu dirobah jadi mastaka pindang.

WANDA KECAP TATAKRAMA BASA SUNDA

Upama nilik kana ragam loma, ragam hormat keur ka sorangan, jeung ragam hormat keur ka baturna, kecap-kecap tatakrama basa Sunda bisa dipasing-pasing jadi tilu wanda.

(1) Wanda Kahiji

Kecap tatakrama basa Sunda Wanda Kahiji nyaéta kecap anu ragam loma, ragam hormat keur ka sorangan, jeung ragam hormat keur ka baturna henteu sarua. Contona kecap balik (ragam loma/RL), wangsul (ragam hormat keur ka sorangan/RHS), jeung mulih (ragam hormat keur ka batur/RHB). Conto larapna dina kalimah:

Kuring mah moal balik ayeuna.
Abdi mah moal wangsul ayeuna.
Dupi Bapa badé iraha mulih téh?

Conto kecap séjénna:
indit - mios - angkat
datang - dongkap - wangsul
imah - rorompok - bumi
boga - gaduh - kagungan
ngadéngé - nguping - ngadangu
dahar - neda - tuang

(2) Wanda Kadua

Kecap tatakrama basa Sunda Wanda Kadua nyaéta kecap anu ragam lomana béda, tapi ragam hormat keur ka sorangan jeung ragam hormat keur ka baturna sarua. Contona kecap abus (RL), lebet (RHS), lebet (RHB). Conto larapna dina kalimah:

Pukul dalapan mah kuring geus abus ka kelas.
Tabuh dalapan mah abdi parantos lebet ka kelas.
Tabuh dalapan mah Pa Rahman parantos lebet ka kelas.

Conto kecap séjénna:
alus - saé - saé
gedé - ageung - ageung
mahal - awis - awis
deukeut - caket - caket
beurat - abot - abot
jauh - tebih - tebih

(3) Wanda Katilu


Kecap tatakrama basa Sunda Wanda Katilu nyaéta kecap anu ragam lomana béda sarua jeung ragam hormat keur ka sorangan, tapi béda jeung ragam hormat keur ka baturna. Contona kecap adi (RL), adi (RHS), rai (RHB). Conto larapna dina kalimah:

Kuring mah teu boga adi awéwé.
Abdi mah teu gaduh adi awéwé.
Bu Ina mah teu kagungan rai istri.

Salian ti kecap-kecap di luhur, aya deui golongan kecap ragam kasar (RK) atawa ragam cohag.
Contona:
boga - gableg
bisa - becus/belul
sirah - hulu/babatok
suku - cokor
panon - mata
ceuli - jejebir

Friday, July 25, 2008

SAWATARA KONSEP PANTA-PANTA BASA DINA BASA SUNDA

Pikeun leuwih teleb mikawanoh jenggléngan jeung kamekaran panta-panta basa dina basa Sunda, urang bisa niténan tina sawatara konsép panta-panta basa anu kungsi aya ti bihari nepi ka kiwari.

Konsép Lemes jeung Kasar S. Coolsma

Sakumaha disebutkeun ti heula, S. Coolsma dina bukuna Soendaneesche Spraakkunst ngagunakeun istilah “lemes jeung kasar” pikeun panta-panta basa dina basa Sunda. Sanajan dina éta buku henteu dicantumkeun taun terbitna, tapi para ahli basa sapuk, yén éta buku terbit leuwih ti heula tibatan buku Elmoening Basa Soenda karangan D.K. Ardiwinata, anu terbit taun 1916. Ari sababna, Soendaneesche Spraakkunst geus disabit-sabit ku Ardiwinata dina panganteur Élmoening Basa Sunda. Leuwih ti éta, S. Coolsma dianggap ahli basa anu mimiti medar sual panta-panta basa Sunda dina buku tata basa.

Coolsma ngagunakeun istilah “lemes jeung kasar” dumasar kana panta-panta basa anu ku manéhna dipasing-pasing jadi dua golongan gedé, nyaéta basa kasar anu disebut ogé basa cohag, jeung basa lemes anu disebut ogé basa kawi.

Dina golongan basa kasar, aya basa kasar pisan atawa basa cohag pisan. Ari dina golongan basa lemes, aya ragam basa lemes pisan. Di antara basa kasar jeung basa lemes, aya ragam basa anu disebut basa sedeng atawa basa panengah.

Pikeun ngécéskeun éta panta-panta basa, Coolsma méré conto ku kecap-kecap palasatra jeung kulem.

lemes pisan: palastra, kulem
lemes: pupuh, saré
sedeng: maot, sasaréan
kasar: paéh, héés
kasar pisan: modar, molor

Ari dipakéna éta ragam basa téh ditétélakeun kieu:

a. Basa lemes atawa basa kawi, dipaké pikeun atawa nyarita di antara jalma-jalma anu luhur (darajatna, kalungguhanana, umurna). Ari basa lemes pisan dipaké ka atawa pikeun nyaritakeun jalma anu luhur pisan (darajatna jeung kalungguhanana).

b. Basa kasar, dipaké dina paguneman sapopoé di antara jalma-jalma anu satata (darajatna jeung kalungguhanana). Basa kasar ogé dipaké ku jalma anu leuwih luhur status sosialna upama nyarita jeung nu sahandapeun status sosialna. Ari basa kasar pisan dipaké keur ka sato atawa aya kalana dipaké ka jalma pikeun maksud ngahina.

c. Basa sedeng atawa basa panengah, dipaké pikeun nyaritakeun diri sorangan atawa jalma séjén dina kaayaan upama nyarita ku basa lemes karasa luhur teuing, ari nyarita ku basa kasar karasa handap teuing.

Konsép Undak-Usuk Basa D.K. Ardiwinata

Salian ti ngagunakeun istilah “basa kasar jeung basa lemes”, Ardiwinata ogé dina bukuna Élmoening Basa Sunda ngagunakeun istilah “undak-usuk basa” pikeun panta-panta basa dina basa Sunda. Teu béda ti Coolsma, Ardiwinata ogé ngagolongkeun panta-panta basa Sunda kana dua golongan gedé, nyaéta basa kasar jeung basa lemes. Basa kasar disebut ogé basa songong. Di sagigireun éta, aya basa sedeng, nya éta ragam basa anu dianggap henteu kasar, tapi henteu lemes deuih.

Golongan basa lemes dibagi deui jadi tilu tingkatan nyaéta basa lemes pisan (luhur), basa lemes biasa, jeung basa lemes keur ka sorangan. Basa lemes pisan jeung basa lemes biasa, disebut ogé basa lemes keur ka batur.

Golongan basa kasar dibagi deui jadi dua tingkatan nyaéta basa songong biasa jeung basa songong paranti nyarékan, anu disebut ogé basa cohag pisan.

Ari ngalarapkeunana éta panta-panta basa, ceuk Ardiwinata mah kieu:

a. Basa lemes, dipaké di lingkungan kaom ménak upama nyarita jeung sasamana sarta dipaké ku golongan somah upama nyarita atawa nyaritakeun golongan ménak. Ari pikeun nyarita sarta nyaritakeun golongan ménak anu pangkatna luhur pisan mah ngagunakeun basa lemes pisan (luhur). Ménak anu pangkatna luhur pisan téh upamana baé raja, résidén, jeung bupati. Pikeun golongan ménak anu kalungguhanana sahandapeun bupati, kudu ngagunakeun basa lemes biasa.

Basa lemes keur ka sorangan dipaké pikeun nyaritakeun diri sorangan atawa jalma lian anu sadarajat atawa sahandapeun ka golongan ménak.
Conto ngalarapkeunana dina kalimah:

basa lemes pisan : Pangawulaan badé rawuh ka dieu.
basa lemes biasa : Juragan Wadana badé sumping ka dieu.
basa lemes keur sorangan: Abdi badé dongkap ka dieu.

b. Basa kasar (songong, cohag), dipaké di lingkungan somah upama nyarita jeung sasamana, sarta dipaké ku golongan ménak upama nyarita jeung golongan somah. Ari basa songong paranti nyarékan (cohag pisan) dipaké ku nu keur ambek. Minangka contona, Ardiwinata méré gambaran kieu:

songong biasa : balik, nyatu, ngomong, sungut,héés.
songong paranti nyarékan: mantog, negék, nyacapék/nyapluk, bangus/bacot, molor

c. Basa sedeng, dipaké pikeun ngajénan jalma anu leuwih handap pangkat atawa darajatna, tapi umurna leuwih kolot. Upamana baé ménak nyarita ka somah anu umurna leuwih kolot, anu dipakéna basa sedeng. Conto: “Seug baé Emang geura mulang!”

Konsép Undak-usuk Basa R. Satjadibrata

Dina bukuna Undak-usuk Basa Sunda anu terbit taun 1943, R. Satjadibrata ngabagi undak-usuk basa jadi tilu golongan: basa kasar, basa lemes, jeung basa panengah. Dina golongan basa kasar, aya basa kasar pisan. Ari dina golongan basa lemes aya basa lemes pisan atawa basa luhur. Dina ngagunakeunana, basa lemes dibagi deui jadi dua golongan: lemes pikeun nu ngahormat jeung lemes pikeun nu dihormat.

Dina ngagunakeun éta genep panta basa, Satjadibrata ngawincik kieu:

a. Basa kasar, dipaké pikeun nyarita jeung jalma anu sahandapeun (umur jeung darajatna). Sajaba ti éta, basa kasar dipaké dina bacaan-bacaan pikeun balaréa. Basa kasar téh mangrupa bagian penting dina basa Sunda, sabab ku ngagunakeun basa kasar urang bisa ngébréhkeun eusi pikiran. Panta-panta basa séjénna saperti basa lemes jeung basa panengah moal bisa dipaké lamun henteu dicampuran ku basa kasar.

b. Basa kasar pisan, dipaké pikeun ka sato atawa ka jalma lamun urang keur ambek. Golongan basa kasar pisan téh henteu loba, Satjadibrata ngan ngasongkeun conto 28 kecap baé, di antarana:

basa kasar: hulu, mata, irung, sungut, ceuli.
basa kasar pisa: babatok, bobocos, cucungik, bangus, gegeber (gegebir)

c. Basa lemes, dipaké pikeun ngahormat hiji jalma, biasana anu umur jeung status sosialna saluhureun nu nyarita. Sanajan kitu, pikeun maksud ngahormat, Satjadibrata nétélakeun yén taya salahna upama urang ngagunakeun basa lemes ka sahandapeun atawa ka nu satata, boh umurna boh darajatna. Basa lemes dibagi deui jadi dua golongan: lemes pikeun nu ngahormat jeung lemes pikeun nu dihormat. Dumasar kana digunakeunana kecap-kecap anu aya dina basa lemes, Satjadibrata ngabagi kecap-kecap basa lemes jadi tilu kelompok, nya éta:
1) kecap pikeun jalma anu ngahormat
2) kecap pikeun jalma anu dihormat
3) kecap anu disebut lemes énténg anu ogé bisa dipaké pikeun nu ngahormat jeung anu dihormat.

Contona:
basa kasar:abus, maan,babari,daék, éléh.
basa lemes pikeun nu ngahormat: lebet, ngabantun, gampil, purun, kawon.
basa lemes pikeun nu dihormat: lebet, nyandak, gampil, kersa, kawon.
basa lemes énténg: lebet, gampil, kawon.

d. Basa lemes pisan (luhur), dipaké pikeun ngahormat jalma anu pangkatna luhur pisan, anu dina basa Sunda disebut pangagung. Kecap pangagung dilarapkeun ka nu pangkatna ti bupati ka luhur.

Kecap-kecap anu kaasup basa lemes pisan dina daptar Satjadibrata ngan aya 23 kecap, di antarana:

Basa lemes: bantal, manah, ngantos, maparin, ngawuruk.
Basa lemes pisan: kajang mastaka, galih, ngadederek, ngalélér, ngawulang.

e. Basa panengah, dipaké pikeun nyarita ka jalma anu pangkat jeung darajatna sahandapeun, tapi umurna saluhureun. Kecap-kecap anu kaasup basa panengah, di antarana: mulang, panon, kakandungan, ngalahirkeun, maot.

Konsép Undak-usuk Basa R.I. Adiwidjaja

R.I. Adiwidjaja medar konsép undak-usuk basana dina buku Adegan Basa Sunda anu terbit taun 1951. Adiwidjaja ngabagi undak-usuk basa jadi tilu golongan nyaéta basa lemes, basa panengah, jeung basa kasar. Basa lemes dibagi deui jadi basa luhur, basa lemes, jeung basa sedeng. Ari basa kasar dibagi dua jadi basa kasar jeung basa cohag.

Dina ngalarapkeunana, Adiwidjaja nétélakeun kieu:

a. Basa cohag, dipaké upama keur ambek atawa pikeun maksud ngahina. Biasana mah basa cohag téh dilarapkeun ka sato, sabab upama dilarapkeun ka jelema bakal karasa kasar pisan. Conto:

Jor mantog ka dituh!
Na cokor kotor digubug ka jero imah?

b. Basa kasar, dipaké di antara sasama (babaturan). Ku kituna, disebut ogé basa loma. Basa kasar dipaké ogé pikeun nyarita jeung jalma anu sahandapeun darajat jeung pangkatna, atawa pikeun nyaritakeun jalma anu sahandapeun pangkat jeung darajatna, upama nu nyarita téh leuwih handap pangkat jeung darajatna ti batan anu dibawa nyarita. Conto dina kalimah:

Taslim, isukan silaing kudu hudang subuh-subuh.
(Taslim téh gandék.)
Tuh geuning, Asnawi geus datang.
(Asnawi téh patani.)
Duit téh geus dibikeun ku Warya ka silaing?
(Warya téh babaturan anu dicaritakeun)

c. Basa panengah, dipaké pikeun jalma anu sahandapeun pangkat jeung darajatna, tapi umurna leuwih kolot ti nu nyarita. Dipaké ogé pikeun nyaritakeun jalma séjén upama ka nu diajak nyarita téh ngagunakeun basa lemes. Basa panengah téh aya di sahandapeun basa lemes, tapi saluhureun basa kasar. Contona:

Mang Karta, engké mah di dieu baé saréna.
(Mang Karta, patani anu umurna leuwih kolot ti nu nyarita.)
Mang Lebé, ulah teuing mulang ayeuna atuh.
(Status sosial Mang Lebé sarua jeung Mang Karta)
Kutan, Nyi Parmi téh nyeri panon?
(Nyi Parmi, jalma anu dicaritakeun, umurna jeung status sosialna sahandapeun nu nyarita.)

d. Basa sedeng, nyaéta basa lemes anu dipaké pikeun ka diri sorangan atawa pikeun jalma séjén anu sadarajat jeung diri sorangan upama nyarita jeung jalma anu saluhureun pangkat, darajat, jeung umurna.
Conto:

Abdi moal tiasa mios ayeuna.
Tadi dongkapna pun Taslim téh.
(Taslim, anu dicaritakeun, satata jeung nu nyarita.)
Tanah téh cios dipésérna ku pun Karta.
(Karta, status sosialna sarua jeung Taslim.)

e. Basa lemes, dipaké pikeun nyarita jeung nyaritakeun jalma anu saluhureun pangkat, darajat, jeung umurna ti nu nyarita. Dipaké ogé pikeun nyarita jeung jalma nu can loma, upama pangkat, darajat, jeung umurna satata. Contona:

Bilih Ibu parantos palay, mangga geura kulem.
Iraha Engkang sumping?
Dupi Emang mulih téh cios énjing téa.

f. Basa luhur (basa lemes pisan), nyaéta basa anu leuwih luhur tibatan basa lemes, dipaké pikeun nyarita atawa nyaritakeun jalma anu luhur pisan pangkatna. Nurutkeun Adiwidjaja, kecap-kecap lemes pisan dina basa Sunda henteu loba, ku lantaran kitu upama euweuh basa lemes pisanna bisa ogé ngagunakeun basa lemes biasa.

Sajaba ti éta, Adiwidjaja ogé nyebutkeun ayana golongan anu disebut basa lemes dusun. Kaasup kana golongan ieu nyaéta basa lemes anu salah ngalarapkeunana. Conto:

Iraha Ibu bade wangsul? (sakuduna mulih)
Bapa Guru ka abdi teu kersa naros (sakuduna mariksa)
Abdi nembé dongkip harita téh. (sakuduna dongkap)

Konsép Undak-usuk Basa R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna

Dina bukuna Kandaga Tatabasa anu terbit taun 1957, R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna ngabagi undak-usuk basa Sunda jadi tilu golongan nyaéta basa kasar, basa panengah, jeung basa lemes. Basa kasar ngawengku basa cohag jeung basa kasar. Ari basa lemes ngawengku basa lemes jeung basa sedeng.

Salian ti éta, diterangkeun ogé yén baheula mah panta-panta undak-usuk téh aya genep, ditambahan ku basa luhur. Ngan ayeuna mah basa luhur téh geus carang digunakeun.

Ari digunakeunana éta panta-panta basa, Momon jeung Buldan nerangkeun kieu:

a. Basa cohag, dipaké keur ka sato atawa pikeun silihcarékan. Conto:

Hulu ucing.
Cokor embé.
Bangus sia!

b. Basa kasar, disebut ogé basa wajar atawa basa loma, dipaké pikeun nyarita jeung jalma anu geus loma sarta pikeun nyaritakeun jalma anu dianggap geus loma. Conto:

Geus beunang itungan téh, euy?
Naha silaing kamari henteu sakola?
Ari Si Wardi téh geus cageur?

c. Basa panengah, dipaké ka jalma anu leuwih handap pangkat jeung darajatna, pikeun nyaritakeun jalma anu sadarajat tapi can loma atawa jalma anu sahandapeun harkat jeung darajatna. Conto:

Ulah waka mulang ayeuna atuh, Mang!
Aya artos alit, cing nukeuran Mang!

Kalimah di luhur téh mangrupa campuran antara basa lemes (artos) jeung basa kasar (nukeuran), anu saenyana mah bisa dilemeskeun jadi ngagentosan. Anu matak kitu, ku lantaran anu nyarita hayang ngahormat ka nu diajak nyarita, tapi anu diajak nyarita téh pangkatna sahandapeun nu nyarita.

d. Basa sedeng, disebut ogé basa lemes pikeun nu ngahormat, dilarapkeun ka nu nyarita atawa jalma lian anu satata atawa sahandapeun upama nyarita jeung jalma anu saluhureun pangkat jeung darajatna. Conto:

Abdi teu acan neda.
Pun anak teu tiasa sakola, margi udur.

e. Basa lemes, dipaké pikeun nyarita jeung atawa nyaritakeun jalma anu saluhureun pangkatna ti nu nyarita. Conto:

Iraha pisumpingeunana Uwa téh?
Dupi Bapa iraha téa badé angkat ka Amérika téh?

Konsép Tatakrama Basa Sunda

Sanajan henteu ditétélakeun kalawan tegas, pedaran Karna Yudibrata, Agus Suriamiharja, jeung Iskandarwassid dina bukuna Bagbagan Makéna Basa Sunda, anu mimiti terbit taun 1989, bisa dianggap mangrupa émbrio konsép tatakrama basa Sunda anu kiwari mimiti dipikawanoh ku masarakat. Dina éta buku, Karna Yudibrata, spk. ngabagi panta-pantana basa dina basa Sunda jadi dua golongan gedé nyaéta ragam loma jeung ragam hormat. Ragam hormat dibagi deui jadi dua golongan nyaéta ragam hormat keur ka sorangan jeung ragam hormat keur ka batur. Boh babagiananana boh istilahna, henteu béda jeung konsép tatakrama basa Sunda, anu di antarana kapanggih dina buku Pedaran Basa Sunda (edisi révisi, 1992) beunang Yayat Sudaryat.

Dipakéna éta ragam basa téh, kieu:

a. Ragam loma, dipaké nyarita ka babaturan anu geus loma atawa nyaritakeun babaturan anu geus loma, dina suasana anu henteu resmi. Ragam loma ogé dipaké panganteur dina karya ilmiah, warta, jeung sajabana. Conto:

Iraha manéh rék balik téh, Dang?
Kamari kuring henteu sakola, lantaran gering.

b. Ragam hormat keur ka sorangan, dipaké pikeun ka diri sorangan upama nyarita ku ragam hormat atawa dina suasana resmi. Conto:

Abdi mah badé wangsul ayeuna baé.
Kamari abdi henteu sakola, ku margi udur.

c. Ragam hormat keur ka batur, dipaké pikeun ka batur atawa nyaritakeun batur upama nyarita ku ragam basa hormat.

Iraha badé mulih téh, Pa?
Dinten ieu Andri henteu sakola, ku margi teu damang

d. Sajaba ti éta, aya deui ragam kasar (cohag), anu biasana dilarapkeun ka sato atawa dipaké ku nu keur ambék. Ragam kasar (cohag) lain mangrupa bagian tina tatakrama (sopan santun) ngagunakeun basa. Sanajan kitu, dina sawatara hal mah ragam kasar (cohag) ogé sok dipaké upama urang nyaritakeun sato, boh nyaritana ngagunakeun ragam loma boh ngagunakeun ragam hormat.

Ari keur lapar mah dahar jeung hulu asin ogé ngeunah wé.
Pun lanceuk mah tuang sareng hulu peda ogé mani ngalimed.

KASANG TUKANG JEUNG KAMEKARAN PANTA-PANTA BASA DINA BASA SUNDA

Wangun basa Sunda dina hiji mangsa, ditangtukeun ku situasi jeung kaayaan sosial masarakat Sunda dina mangsa éta. Dina hiji mangsa, situasi sosial masarakat Sunda ngalahirkeun digunakeunana basa Sunda anu mikawanoh panta-panta, anu kiwari leuwih dikenal ku istilah undak-usuk basa Sunda (UUBS). Para ahli sapamadegan yén lahirna UUBS dina basa Sunda téh mangrupa pangaruh tina basa Jawa. Asup kana basa Sunda dina abad ka-17, dina mangsa sawatara wewengkon di Tatar Sunda kaeréh ku Karajaan Mataram (Islam).

S. Coolsma dina bukuna Soendaneesche Spraakkunst nétélakeun yén digunakeunana panta-panta basa dina basa Sunda téh gedé kamungkinanana mangrupa pangaruh ti urang Jawa, anu baheula kungsi ngajajah Tatar Sunda. Kabiasaan urang Jawa, ceuk Coolsma, anu sok ngabéda-béda jelema dumasar kana status sosialna téh mangrupa pangaruh tina kabudayaan Hindu anu mikawanoh kasta-kasta dina hirup-kumbuhna. Ari urang Sunda, sabada kapangaruhan ku urang Jawa téa, nurutan éta kabiasaan anu terus dilarapkeun kana basana, nepi ka lahir panta-panta basa (anu kiwari disebut UUBS).

Pikeun ngayakinkeun yén ayana panta-panta basa dina basa Sunda téh mangrupa pangaruh tina basa Jawa, Coolsma nalungtik 400 kecap lemes jeung 400 kecap kasar nu aya dina basa Sunda sarta dibandingkeun jeung kecap-kecap basa Jawa. Tétéla, ceuk Coolsma, tina 400 kecap basa Sunda anu kaasup lemes tilu parapatna asalna tina basa Jawa, ari tina 400 kecap basa Sunda anu kaasup kasar, 275 kecap asalna tina basa Jawa. Ngan dina lebah ngagunakeunana anu pabaliut téh. Kecap-kecap anu kaasup lemes dina basa Jawa, dina basa Sunda mah kaasup kasar atawa sabalikna, kecap-kecap kasar dina basa Jawa, dina basa Sunda mah jadi lemes. Upamana baé kecap-kecap: abot, anom, impén, bobot, lali, pungkur, sasih, tunggang jeung wareg, anu dina basa Sunda kaasup kecap-kecap lemes, ari nurutkeun panta-panta basa Jawa mah kaasup kecap-kecap kasar. Sabalikna kecap-kecap saperti: béja, bulan, datang, pindah, suku, jeung tumpak, anu dina basa Sunda kaasup kecap-kecap kasar, dina basa Jawa mah kaasup kecap-kecap lemes. Anggapan Coolsma, pangna kitu téh bisa jadi lantaran aya dua kamungkinan. Kamungkinan kahiji, kecap-kecap kasar dina basa Jawa dianggap lemes ku urang Sunda, lantaran harita urang Sunda anu keur dijajah ku urang Jawa nganggap yén basa anu digunakeun ku nu ngajajahna leuwih luhur ajénna tibatan basana sorangan, nya dianggap baé basa lemes. Kamungkinan kadua, urang Sunda teu hayang nurutan urang Jawa dina ngalarapkeun panta-panta basana, ku lantaran kitu urang Sunda nyieun palanggeran sorangan lebah ngagunakeun kecap-kecap anu asalna tina Jawa dina basa Sunda.

Yén UUBS mangrupa warisan tina kakawasaan Mataram, diaku deuih ku Saléh Danasasmita dina tulisanana anu dimuat dina buku Sejarah Jawa Barat (éd. Drs, Atja, 1975). Ceuk Saléh, ayana UUBS dina basa Sunda kiwari téh mangrupa sésa prosés “mataramisasi” kabudayaan Sunda anu dimimitian abad ka-17. Ngawangun kecap lemes dina basa Sunda, henteu dumasar kana prosés ngalemeskeun foném kecap asalna, tapi dicokot meleg-meleg tina kecap-kecap basa Jawa. Da cenah dina basa wewengkon anu henteu kapangaruhan ku Mataram mah, saperti basa wewengkon Bogor jeung Banten Kidul, henteu dipikawanoh ayana panta-panta basa anu disebut UUBS.

Sawatara ahli nétélakeun yén pangaruh kultural Mataram kana kabudayaan Sunda, karasa telebna di wewengkon Priangan, saperti Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang, jeung Cianjur. Ari di wewengkon saperti Banten, Karawang, Bogor, jeung Cirebon mah éta pangaruh téh henteu karasa nyosok jero nepi ka aya panta-panta dina basana. Upama téa mah kiwari urang Banten, Karawang, Bogor, jeung Cirebon mikawanoh UUBS, utamana lantaran pangaruh tina pangajaran basa Sunda dina jaman Walanda nepi ka ayeuna.

Timbul wé pananya: kumaha atuh wujud basa Sunda saméméh kapangaruhan ku Mataram? Pikeun ngajawab éta pananya urang bisa maluruh kana naskah-naskah Sunda anu medal saméméh abad ka-17, upamana baé naskah Carita Parahiyangan anu ditulis abad ka-16. Basa anu dipaké dina éta naskah nyaéta ragam basa anu nurutkeun konsép UUBS kiwari mah kaasup basa kasar. Taya bédana basa anu dipaké dina paguneman antara atasan jeung bawahan, antara patih jeung rajana. Geura urang cutat:

Sadatangna sang apatih ka Galunggung, carék Batara Ngiyang Guru, “Na naha béja siya sang apatih?”

“Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun, Adi Sanghiyang Purbasora.”

Nurutkeun tarjamahan Drs. Atja dina basa Sunda kiwari kalimah-kalimah di luhur téh unina:

Sadatangna patih ka Galunggung, carék Batara Dangiang Guru, “Na aya pibéjaeun naon, Patih?”

“Pangampura, kami téh diutus ku Rahiang Sanjaya, ménta nu bakal maréntah, Adi Rahiang Purbasora.”

Kecap-kecap anu dicondongkeun mangrupa kecap-kecap kasar anu nurutkeun konsép UUBS mah kudu ngagunakeun basa lemes.

Teu dikenalna panta-panta basa dina basa Sunda saméméh abad ka-17, nurutkeun Saléh Danasasmita mah mangrupa ciri kabasajanan karakteristik karuhun urang Sunda anu baheula mangrupa masarakat huma. Ari nurutkeun M.A Salmun dina tulisanana “Robahan Basa Sunda” anu dimuat dina Majalah Warga (1953), euweuhna panta-panta basa anu ngabédakeun tingkat sosial masarakat Sunda baheula téh mangrupa cicirén kahirupan masarakat Sunda anu démokratis. Sabada keuna ku pangaruh Mataram, kakara urang Sunda mikawanoh kana kelas masarakat anu kudu dibédakeun jeung kelas masarakat séjénna dina sagala widang kahirupanana, kaasup dina ngagunakeun basana. Basa Sunda anu saméméhna ngan mikawanoh hiji ragam basa anu kiwari disebut basa kasar, sabada keuna ku pangaruh Mataram mah jadi wanoh deuih kana ragam basa lemes, ragam basa anu husus digunakeun pikeun nyarita jeung golongan ménak atawa di antara golongan ménak, anu harita mangrupa golongan nu keur nyangking kakawasaan.

Salmun ogé nétélakeun, yén anu mimiti ngagunakeun sarta nyebarkeun éta panta-panta basa nya golongan ménak sorangan. Ari sababna, dina mangsa Mataram kumawasa di urang para bupati Sunda diwajibkeun méré upeti unggal taun sarta kudu cicing di Mataram pikeun narima paréntah ti Mataram. Salila di ditu, éta para gegedén Sunda téh diajar rupa-rupa adat kabiasaan urang Jawa kaasup carana ngagunakeun basa. Balik ti Mataram, éta adat kabiasaan jeung cara ngagunakeun basa urang Jawa téh diturutan sarta dilarapkeun kana basa Sunda. Basa lemes anu fungsi utamana pikeun ngahormat golongan ménak, disebarkeun ku maranéhna nepi ka padésaan.

Éta katerangan Salmun téh luyu jeung katerangan D.K. Ardiwinata dina tulisanana “Basa Jawa di Priangan” anu dimuat dina Majalah Papaés Nonoman (1914). Ieu ahli basa téh nétélakeun yén dina mangsa Tatar Sunda dieréh ku Mataram kira-kira taun 1625, loba bupati Sunda anu diwajibkeun cicing di Mataram sataun sakali. Baralikna ti Mataram, éta para bupati téh mawa kabiasaan-kabiasaan urang Jawa kaasup basa lemes anu mibanda fungsi pikeun ngahormat golongan ménak.

Béda-bédana kelas di masarakat Sunda beuki mekar sabada datangna bangsa Walanda anu ngajajah urang. Walanda mémang ngahaja ngagolong-golongkeun masarakat Sunda jadi dua golongan gedé nyaéta ménak jeung cacah (somah) pikeun kapentingan politik jajahanana. Kaasup dina ngagunakeun basana éta téh. Harita mah apan kacida dipahingna upama aya cacah (somah) anu nyasama ka ménak téh, disebutna ogé humayua. Éta kaayaan téh lumangsung nepi ka taun 1941, sabada kajadian Perang Dunya II anu dituturkeun ku révolusi nasional. Révolusi nasional mawa pangaruh anu luar biasa kana kahirupan bangsa Indonésia, kaasup sélér bangsa Sunda. Muncul paham démokratis anu henteu ngabéda-béda golongan masarakat, taya ménak taya cacah, kabéh mibanda darajat jeung hak anu sarua. Pangaruhna kana UUBS, henteu saeutik urang Sunda anu embung ngagunakeun UUBS, pangpangna mah basa lemes, lantaran dianggap warisan jaman féodal, jaman para ménak kumawasa. Munculna paham démokratisasi basa Sunda nimbulkeun polémik anu henteu daék tutug. Aya anu satuju, aya anu henteu. Kaasup dina nangtukeun ragam basa anu dianggap démokratis. Ceuk sawaréh leuwih merenah ngagunakeun basa kasar, ceuk sawaréh deui kudu ngagunakeun basa lemes ka sing saha baé ogé. Sual démoktaritasi basa Sunda, ahirna ngabuntut bangkong.

Polémik sual UUBS muncul deui ahir taun 1980-an. Éta polémik muncul sabada aya anggapan yén UUBS dina basa Sunda, ngalantarankeun urang Sunda – utamana para rumaja – sieun ngagunakeun basa Sunda. Aya anu pro, aya anu kontra. Tapi taya anu ngajawab éta pasualan ku ngayakeun panalungtikeun anu daria ngeunaan kalungguhan UUBS dina kahirupan sapopoé urang Sunda kiwari. Antukna, nya ngabuntut bangkong deui baé. Papadaning kitu, UUBS terus masih kénéh diparaké ku urang Sunda, malah masih kénéh diajarkeun di sakola-sakola. Masih kénéh loba urang Sunda anu nyarita ku basa Sunda ngagunakeun basa lemes pikeun ngajénan anu diajak nyarita. Tapi henteu saeutik deuih urang Sunda anu ngajak nyarita ku basa Indonésia ka anakna, anu bisa jadi lain lantaran sieun ku UUBS.

Nepi ka kiwari UUBS, dina harti panta-panta basa kasar jeung basa lemes, masih kénéh diparaké ku umumna urang Sunda. Kiwari UUBS dianggap mangrupa bagéan tina tatakrama (sopan santun) urang Sunda pikeun silihajénan jeung silihargaan jeung sasama. Anu matak aya usaha pikeun ngaganti istilah UUBS jadi tatakrama basa Sunda. Sanajan kitu, popularitas istilah tatakrama basa Sunda masih kénéh éléh ku istilah UUBS di kalangan masarakat Sunda. Urang Sunda umumna masih kénéh wanoh kana istilah UUBS ti batan kana istilah tatakrama basa Sunda.

PANTA-PANTA BASA DINA BASA SUNDA

Dina basa Sunda aya panta-panta basa, anu dipakéna dumasar kana kaayaan sosial anu nyarita, anu diajak nyarita, katut anu dicaritakeunana atawa pikeun silihargaan di antara maranéhanana. Kana éta panta-panta basa téh aya anu nyebut “kasar jeung lemes”, “undak-usuk basa”, jeung “tatakrama basa”. Naon baé istilahna, anu jelas kabéhanana museur kana sopan santun dina ngagunakeun basa. Tangtu baé éta panta-panta basa téh henteu matok kitu dina unggal mangsa, tapi ngalaman rupa-rupa parobahan luyu jeung robahna ukuran sopan santun (étika atawa tatakrama) panyaturna.

Tong boroning dina konsépna, dina kecapna ogé apan aya parobahan. Malah aya anu geus tara kadéngé digunakeun pisan dina paguneman sapopoé kiwari, saperti kecap-kecap kajang mastaka, gambuh, jeung ngadederek anu mangrupa basa luhur (lemes pisan) tina bantal, bisul, jeung ngadagoan. Kitu deui jeung kecap anyar, anu dina Babaran Undak-usuk Basa Sunda I. Buldan Jayawiguna mah teu kudu dilemeskeun jadi énggal. Da cenah énggal mah lemesna tina gancang. Geura urang cutat éntri anyar jeung gancang tina éta buku.

anyar. Sok loba anu ngalemeskeun jadi “énggal”: imah anyar – bumi “énggal”, pagawé anyar – padamel “énggal”. Dina basa b. lulugu mah: bumi anyar – padamel anyar.

gancang – énggal: leumpang gancang – angkat énggal.

Tapi dina Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS mah disebutkeun, “énggal, 1. lem. tina gancang; 2. lem. tina anyar.” Jadi, sajaba ti lemesna tina kecap gancang téh, kecap énggal ogé geus diaku mangrupa lemesna tina kecap anyar deuih. Anu matak, upama nurutkeun kana éta kamus, ulah disalahkeun upama aya anu nyarita “Énggal atuh geura atoskeun bumi énggal téh!”

Lain dina basa Sunda baé anu aya panta-pantana basa téh. Geus puguh dina basa anu sadapuran mah, saperti basa Jawa, Bali, jeung Madura. Dina basa séjén ogé aya. Upamana baé dina basa Indonésia aya papasangan kecap ia – beliau, bini – istri, laki – suami, mau – berkenan; dina basa Belanda: jij – U; dina basa basa Jérman: du – Sie; dina basa Perancis: tu – vous; dina basa Inggris: you – Your Higness, jeung sajabana. Malah upama dipatalikeun jeung sipatna mah salaku basa fléksi, nyaéta basa anu robah kekecapanana diluyukeun jeung kaayaan sosial, jumlah, tempat, katut waktuna, basa Inggris leuwih kompléks tibatan basa Sunda. Apan dina basa Inggris mah, anu patalina jeung waktu baé, aya anu disebut present tense, past tense, future tense, present perfect tense, present continous tense, past continous tense, future continous tense, jeung present perfect continous tense. Dina basa Sunda robahna kecap téh kiwari mah leuwih nyindekel kana sopan santun, anu ngawengku basa kasar, basa lemes keur ka sorangan, jeung basa lemes keur ka batur. Henteu kauger ku waktu éta téh. Hartina, keur iraha baé dipakéna, rék baheula pisan, rék kamari, rék ayeuna, rék isukan, rék pagéto, atawa rék isuk jaganing géto, angger kitu. Contona kecap dahar (basa kasar), neda (basa lemes keur ka sorangan), jeung tuang (basa lemes keur ka batur):

- Kamari kuring henteu dahar.
Kamari abdi henteu neda.
Kamari Bapa henteu tuang.

- Ayeuna kuring keur dahar.
Ayeuna abdi nuju neda.
Ayeuna Bapa nuju tuang.

- Engké kuring rék dahar.
Engké abdi badé neda.
Engké Bapa badé tuang.

Upama ku urang dititénan, panta-panta basa Sunda anu sawanda jeung kecap dahar, nyaéta anu basa kasar, basa lemes keur ka sorangan, jeung basa lemes keur ka baturna béda-béda téh henteu kaitung loba. Anu kiwari masih kénéh mindeng dipaké dina paguneman sapopoé mah kurang leuwih aya 40 kecap. Lolobana anu basa kasarna béda, tapi basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka baturna sarua, saperti kecap keur (nuju), arék (badé), béda (bénten), jeung mahal (awis). Kitu ogé henteu nepi ka rébuan, kurang leuwih aya 850 kecap. Éntri anu dipaké ku I. Buldan Jayawiguna dina Babaran Undak-Usuk Basa Sunda, upamana, aya 978 kecap. Kitu ogé aya sawatara kecap anu mangrupa sasaruaan (sinonim) tina kecap séjénna, anu dipaké éntri. Malah Karna Yudibrata, spk. mah dina bukuna Bagbagan Makéna Basa Sunda, ukur nyatet 586 kecap. Ari umumna mah basa Sunda anu henteu mibanda panta-panta basa. Hartina, boh nyarita ku basa kasar, boh nyarita ku basa lemes, kecapna éta-éta kénéh, saperti kecap kamari, ayeuna, engké, luhur, handap, jeung sajabana.

Tadi geus disebutkeun, istilah anu dipaké pikeun méré ngaran kana panta-pantana basa Sunda téh rupa-rupa. S. Coolsma dina bukuna Soendaneesche Spraakkunst (tanpa taun terbit), ngagunakeun istilah “lemes jeung kasar”. Kitu deui jeung D.K. Ardiwinata dina bukuna Élmoening Basa Soenda (1916) ogé ngagunakeun istilah “basa kasar jeung basa lemes”. Bédana jeung Coolsma, Ardiwinata mah mimiti ngawanohkeun istilah “undak-usuk basa”. Ti dinya mimiti dipikawanoh istilah “undak-usuk basa” pikeun nyebut panta-pantana basa anu aya dina basa Sunda. Malah taun 1943, R. Satjadibrata nulis buku anu judulna Undak-usuk Basa Sunda, anu eusina sacara husus medar ngeunaan undak-usuk basa Sunda. Istilah undak-usuk basa ogé dipaké ku R.I Adiwidjaja dina bukuna Adegan Basa Sunda (1951), R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna (Kandaga Tatabasa, 1957), jeung Budi Rahayu Tamsyah (Kamus Undak-usuk Basa Sunda, 1988).

Istilah “tatakrama basa” pikeun nyebut panta-pantana basa anu aya dina basa Sunda mimiti muncul dina Kongrés Basa Sunda 1988 di Cipayung, Bogor. Éta istilah dipaké pikeun ngaganti istilah “undak-usuk basa”. Ari anu jadi dadasarna nyaéta yén panta-pantana basa anu aya dina basa Sunda téh mangrupa bagéan tina tatakrama (sopan santun) masarakat Sunda, anu dina kamekaranana kiwari mibanda fungsi pikeun silihajénan atawa silihargaan di antara para panyaturna. Jadi lain pikeun ngabéda-béda jalma dumasar kana kalunggguhanana atawa status sosialna.