Wangun basa Sunda dina hiji mangsa, ditangtukeun ku situasi jeung kaayaan sosial masarakat Sunda dina mangsa éta. Dina hiji mangsa, situasi sosial masarakat Sunda ngalahirkeun digunakeunana basa Sunda anu mikawanoh panta-panta, anu kiwari leuwih dikenal ku istilah undak-usuk basa Sunda (UUBS). Para ahli sapamadegan yén lahirna UUBS dina basa Sunda téh mangrupa pangaruh tina basa Jawa. Asup kana basa Sunda dina abad ka-17, dina mangsa sawatara wewengkon di Tatar Sunda kaeréh ku Karajaan Mataram (Islam).
S. Coolsma dina bukuna Soendaneesche Spraakkunst nétélakeun yén digunakeunana panta-panta basa dina basa Sunda téh gedé kamungkinanana mangrupa pangaruh ti urang Jawa, anu baheula kungsi ngajajah Tatar Sunda. Kabiasaan urang Jawa, ceuk Coolsma, anu sok ngabéda-béda jelema dumasar kana status sosialna téh mangrupa pangaruh tina kabudayaan Hindu anu mikawanoh kasta-kasta dina hirup-kumbuhna. Ari urang Sunda, sabada kapangaruhan ku urang Jawa téa, nurutan éta kabiasaan anu terus dilarapkeun kana basana, nepi ka lahir panta-panta basa (anu kiwari disebut UUBS).
Pikeun ngayakinkeun yén ayana panta-panta basa dina basa Sunda téh mangrupa pangaruh tina basa Jawa, Coolsma nalungtik 400 kecap lemes jeung 400 kecap kasar nu aya dina basa Sunda sarta dibandingkeun jeung kecap-kecap basa Jawa. Tétéla, ceuk Coolsma, tina 400 kecap basa Sunda anu kaasup lemes tilu parapatna asalna tina basa Jawa, ari tina 400 kecap basa Sunda anu kaasup kasar, 275 kecap asalna tina basa Jawa. Ngan dina lebah ngagunakeunana anu pabaliut téh. Kecap-kecap anu kaasup lemes dina basa Jawa, dina basa Sunda mah kaasup kasar atawa sabalikna, kecap-kecap kasar dina basa Jawa, dina basa Sunda mah jadi lemes. Upamana baé kecap-kecap: abot, anom, impén, bobot, lali, pungkur, sasih, tunggang jeung wareg, anu dina basa Sunda kaasup kecap-kecap lemes, ari nurutkeun panta-panta basa Jawa mah kaasup kecap-kecap kasar. Sabalikna kecap-kecap saperti: béja, bulan, datang, pindah, suku, jeung tumpak, anu dina basa Sunda kaasup kecap-kecap kasar, dina basa Jawa mah kaasup kecap-kecap lemes. Anggapan Coolsma, pangna kitu téh bisa jadi lantaran aya dua kamungkinan. Kamungkinan kahiji, kecap-kecap kasar dina basa Jawa dianggap lemes ku urang Sunda, lantaran harita urang Sunda anu keur dijajah ku urang Jawa nganggap yén basa anu digunakeun ku nu ngajajahna leuwih luhur ajénna tibatan basana sorangan, nya dianggap baé basa lemes. Kamungkinan kadua, urang Sunda teu hayang nurutan urang Jawa dina ngalarapkeun panta-panta basana, ku lantaran kitu urang Sunda nyieun palanggeran sorangan lebah ngagunakeun kecap-kecap anu asalna tina Jawa dina basa Sunda.
Yén UUBS mangrupa warisan tina kakawasaan Mataram, diaku deuih ku Saléh Danasasmita dina tulisanana anu dimuat dina buku Sejarah Jawa Barat (éd. Drs, Atja, 1975). Ceuk Saléh, ayana UUBS dina basa Sunda kiwari téh mangrupa sésa prosés “mataramisasi” kabudayaan Sunda anu dimimitian abad ka-17. Ngawangun kecap lemes dina basa Sunda, henteu dumasar kana prosés ngalemeskeun foném kecap asalna, tapi dicokot meleg-meleg tina kecap-kecap basa Jawa. Da cenah dina basa wewengkon anu henteu kapangaruhan ku Mataram mah, saperti basa wewengkon Bogor jeung Banten Kidul, henteu dipikawanoh ayana panta-panta basa anu disebut UUBS.
Sawatara ahli nétélakeun yén pangaruh kultural Mataram kana kabudayaan Sunda, karasa telebna di wewengkon Priangan, saperti Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang, jeung Cianjur. Ari di wewengkon saperti Banten, Karawang, Bogor, jeung Cirebon mah éta pangaruh téh henteu karasa nyosok jero nepi ka aya panta-panta dina basana. Upama téa mah kiwari urang Banten, Karawang, Bogor, jeung Cirebon mikawanoh UUBS, utamana lantaran pangaruh tina pangajaran basa Sunda dina jaman Walanda nepi ka ayeuna.
Timbul wé pananya: kumaha atuh wujud basa Sunda saméméh kapangaruhan ku Mataram? Pikeun ngajawab éta pananya urang bisa maluruh kana naskah-naskah Sunda anu medal saméméh abad ka-17, upamana baé naskah Carita Parahiyangan anu ditulis abad ka-16. Basa anu dipaké dina éta naskah nyaéta ragam basa anu nurutkeun konsép UUBS kiwari mah kaasup basa kasar. Taya bédana basa anu dipaké dina paguneman antara atasan jeung bawahan, antara patih jeung rajana. Geura urang cutat:
Sadatangna sang apatih ka Galunggung, carék Batara Ngiyang Guru, “Na naha béja siya sang apatih?”
“Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun, Adi Sanghiyang Purbasora.”
Nurutkeun tarjamahan Drs. Atja dina basa Sunda kiwari kalimah-kalimah di luhur téh unina:
Sadatangna patih ka Galunggung, carék Batara Dangiang Guru, “Na aya pibéjaeun naon, Patih?”
“Pangampura, kami téh diutus ku Rahiang Sanjaya, ménta nu bakal maréntah, Adi Rahiang Purbasora.”
Kecap-kecap anu dicondongkeun mangrupa kecap-kecap kasar anu nurutkeun konsép UUBS mah kudu ngagunakeun basa lemes.
Teu dikenalna panta-panta basa dina basa Sunda saméméh abad ka-17, nurutkeun Saléh Danasasmita mah mangrupa ciri kabasajanan karakteristik karuhun urang Sunda anu baheula mangrupa masarakat huma. Ari nurutkeun M.A Salmun dina tulisanana “Robahan Basa Sunda” anu dimuat dina Majalah Warga (1953), euweuhna panta-panta basa anu ngabédakeun tingkat sosial masarakat Sunda baheula téh mangrupa cicirén kahirupan masarakat Sunda anu démokratis. Sabada keuna ku pangaruh Mataram, kakara urang Sunda mikawanoh kana kelas masarakat anu kudu dibédakeun jeung kelas masarakat séjénna dina sagala widang kahirupanana, kaasup dina ngagunakeun basana. Basa Sunda anu saméméhna ngan mikawanoh hiji ragam basa anu kiwari disebut basa kasar, sabada keuna ku pangaruh Mataram mah jadi wanoh deuih kana ragam basa lemes, ragam basa anu husus digunakeun pikeun nyarita jeung golongan ménak atawa di antara golongan ménak, anu harita mangrupa golongan nu keur nyangking kakawasaan.
Salmun ogé nétélakeun, yén anu mimiti ngagunakeun sarta nyebarkeun éta panta-panta basa nya golongan ménak sorangan. Ari sababna, dina mangsa Mataram kumawasa di urang para bupati Sunda diwajibkeun méré upeti unggal taun sarta kudu cicing di Mataram pikeun narima paréntah ti Mataram. Salila di ditu, éta para gegedén Sunda téh diajar rupa-rupa adat kabiasaan urang Jawa kaasup carana ngagunakeun basa. Balik ti Mataram, éta adat kabiasaan jeung cara ngagunakeun basa urang Jawa téh diturutan sarta dilarapkeun kana basa Sunda. Basa lemes anu fungsi utamana pikeun ngahormat golongan ménak, disebarkeun ku maranéhna nepi ka padésaan.
Éta katerangan Salmun téh luyu jeung katerangan D.K. Ardiwinata dina tulisanana “Basa Jawa di Priangan” anu dimuat dina Majalah Papaés Nonoman (1914). Ieu ahli basa téh nétélakeun yén dina mangsa Tatar Sunda dieréh ku Mataram kira-kira taun 1625, loba bupati Sunda anu diwajibkeun cicing di Mataram sataun sakali. Baralikna ti Mataram, éta para bupati téh mawa kabiasaan-kabiasaan urang Jawa kaasup basa lemes anu mibanda fungsi pikeun ngahormat golongan ménak.
Béda-bédana kelas di masarakat Sunda beuki mekar sabada datangna bangsa Walanda anu ngajajah urang. Walanda mémang ngahaja ngagolong-golongkeun masarakat Sunda jadi dua golongan gedé nyaéta ménak jeung cacah (somah) pikeun kapentingan politik jajahanana. Kaasup dina ngagunakeun basana éta téh. Harita mah apan kacida dipahingna upama aya cacah (somah) anu nyasama ka ménak téh, disebutna ogé humayua. Éta kaayaan téh lumangsung nepi ka taun 1941, sabada kajadian Perang Dunya II anu dituturkeun ku révolusi nasional. Révolusi nasional mawa pangaruh anu luar biasa kana kahirupan bangsa Indonésia, kaasup sélér bangsa Sunda. Muncul paham démokratis anu henteu ngabéda-béda golongan masarakat, taya ménak taya cacah, kabéh mibanda darajat jeung hak anu sarua. Pangaruhna kana UUBS, henteu saeutik urang Sunda anu embung ngagunakeun UUBS, pangpangna mah basa lemes, lantaran dianggap warisan jaman féodal, jaman para ménak kumawasa. Munculna paham démokratisasi basa Sunda nimbulkeun polémik anu henteu daék tutug. Aya anu satuju, aya anu henteu. Kaasup dina nangtukeun ragam basa anu dianggap démokratis. Ceuk sawaréh leuwih merenah ngagunakeun basa kasar, ceuk sawaréh deui kudu ngagunakeun basa lemes ka sing saha baé ogé. Sual démoktaritasi basa Sunda, ahirna ngabuntut bangkong.
Polémik sual UUBS muncul deui ahir taun 1980-an. Éta polémik muncul sabada aya anggapan yén UUBS dina basa Sunda, ngalantarankeun urang Sunda – utamana para rumaja – sieun ngagunakeun basa Sunda. Aya anu pro, aya anu kontra. Tapi taya anu ngajawab éta pasualan ku ngayakeun panalungtikeun anu daria ngeunaan kalungguhan UUBS dina kahirupan sapopoé urang Sunda kiwari. Antukna, nya ngabuntut bangkong deui baé. Papadaning kitu, UUBS terus masih kénéh diparaké ku urang Sunda, malah masih kénéh diajarkeun di sakola-sakola. Masih kénéh loba urang Sunda anu nyarita ku basa Sunda ngagunakeun basa lemes pikeun ngajénan anu diajak nyarita. Tapi henteu saeutik deuih urang Sunda anu ngajak nyarita ku basa Indonésia ka anakna, anu bisa jadi lain lantaran sieun ku UUBS.
Nepi ka kiwari UUBS, dina harti panta-panta basa kasar jeung basa lemes, masih kénéh diparaké ku umumna urang Sunda. Kiwari UUBS dianggap mangrupa bagéan tina tatakrama (sopan santun) urang Sunda pikeun silihajénan jeung silihargaan jeung sasama. Anu matak aya usaha pikeun ngaganti istilah UUBS jadi tatakrama basa Sunda. Sanajan kitu, popularitas istilah tatakrama basa Sunda masih kénéh éléh ku istilah UUBS di kalangan masarakat Sunda. Urang Sunda umumna masih kénéh wanoh kana istilah UUBS ti batan kana istilah tatakrama basa Sunda.
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment