Pikeun leuwih teleb mikawanoh jenggléngan jeung kamekaran panta-panta basa dina basa Sunda, urang bisa niténan tina sawatara konsép panta-panta basa anu kungsi aya ti bihari nepi ka kiwari.
Konsép Lemes jeung Kasar S. Coolsma
Sakumaha disebutkeun ti heula, S. Coolsma dina bukuna Soendaneesche Spraakkunst ngagunakeun istilah “lemes jeung kasar” pikeun panta-panta basa dina basa Sunda. Sanajan dina éta buku henteu dicantumkeun taun terbitna, tapi para ahli basa sapuk, yén éta buku terbit leuwih ti heula tibatan buku Elmoening Basa Soenda karangan D.K. Ardiwinata, anu terbit taun 1916. Ari sababna, Soendaneesche Spraakkunst geus disabit-sabit ku Ardiwinata dina panganteur Élmoening Basa Sunda. Leuwih ti éta, S. Coolsma dianggap ahli basa anu mimiti medar sual panta-panta basa Sunda dina buku tata basa.
Coolsma ngagunakeun istilah “lemes jeung kasar” dumasar kana panta-panta basa anu ku manéhna dipasing-pasing jadi dua golongan gedé, nyaéta basa kasar anu disebut ogé basa cohag, jeung basa lemes anu disebut ogé basa kawi.
Dina golongan basa kasar, aya basa kasar pisan atawa basa cohag pisan. Ari dina golongan basa lemes, aya ragam basa lemes pisan. Di antara basa kasar jeung basa lemes, aya ragam basa anu disebut basa sedeng atawa basa panengah.
Pikeun ngécéskeun éta panta-panta basa, Coolsma méré conto ku kecap-kecap palasatra jeung kulem.
lemes pisan: palastra, kulem
lemes: pupuh, saré
sedeng: maot, sasaréan
kasar: paéh, héés
kasar pisan: modar, molor
Ari dipakéna éta ragam basa téh ditétélakeun kieu:
a. Basa lemes atawa basa kawi, dipaké pikeun atawa nyarita di antara jalma-jalma anu luhur (darajatna, kalungguhanana, umurna). Ari basa lemes pisan dipaké ka atawa pikeun nyaritakeun jalma anu luhur pisan (darajatna jeung kalungguhanana).
b. Basa kasar, dipaké dina paguneman sapopoé di antara jalma-jalma anu satata (darajatna jeung kalungguhanana). Basa kasar ogé dipaké ku jalma anu leuwih luhur status sosialna upama nyarita jeung nu sahandapeun status sosialna. Ari basa kasar pisan dipaké keur ka sato atawa aya kalana dipaké ka jalma pikeun maksud ngahina.
c. Basa sedeng atawa basa panengah, dipaké pikeun nyaritakeun diri sorangan atawa jalma séjén dina kaayaan upama nyarita ku basa lemes karasa luhur teuing, ari nyarita ku basa kasar karasa handap teuing.
Konsép Undak-Usuk Basa D.K. Ardiwinata
Salian ti ngagunakeun istilah “basa kasar jeung basa lemes”, Ardiwinata ogé dina bukuna Élmoening Basa Sunda ngagunakeun istilah “undak-usuk basa” pikeun panta-panta basa dina basa Sunda. Teu béda ti Coolsma, Ardiwinata ogé ngagolongkeun panta-panta basa Sunda kana dua golongan gedé, nyaéta basa kasar jeung basa lemes. Basa kasar disebut ogé basa songong. Di sagigireun éta, aya basa sedeng, nya éta ragam basa anu dianggap henteu kasar, tapi henteu lemes deuih.
Golongan basa lemes dibagi deui jadi tilu tingkatan nyaéta basa lemes pisan (luhur), basa lemes biasa, jeung basa lemes keur ka sorangan. Basa lemes pisan jeung basa lemes biasa, disebut ogé basa lemes keur ka batur.
Golongan basa kasar dibagi deui jadi dua tingkatan nyaéta basa songong biasa jeung basa songong paranti nyarékan, anu disebut ogé basa cohag pisan.
Ari ngalarapkeunana éta panta-panta basa, ceuk Ardiwinata mah kieu:
a. Basa lemes, dipaké di lingkungan kaom ménak upama nyarita jeung sasamana sarta dipaké ku golongan somah upama nyarita atawa nyaritakeun golongan ménak. Ari pikeun nyarita sarta nyaritakeun golongan ménak anu pangkatna luhur pisan mah ngagunakeun basa lemes pisan (luhur). Ménak anu pangkatna luhur pisan téh upamana baé raja, résidén, jeung bupati. Pikeun golongan ménak anu kalungguhanana sahandapeun bupati, kudu ngagunakeun basa lemes biasa.
Basa lemes keur ka sorangan dipaké pikeun nyaritakeun diri sorangan atawa jalma lian anu sadarajat atawa sahandapeun ka golongan ménak.
Conto ngalarapkeunana dina kalimah:
basa lemes pisan : Pangawulaan badé rawuh ka dieu.
basa lemes biasa : Juragan Wadana badé sumping ka dieu.
basa lemes keur sorangan: Abdi badé dongkap ka dieu.
b. Basa kasar (songong, cohag), dipaké di lingkungan somah upama nyarita jeung sasamana, sarta dipaké ku golongan ménak upama nyarita jeung golongan somah. Ari basa songong paranti nyarékan (cohag pisan) dipaké ku nu keur ambek. Minangka contona, Ardiwinata méré gambaran kieu:
songong biasa : balik, nyatu, ngomong, sungut,héés.
songong paranti nyarékan: mantog, negék, nyacapék/nyapluk, bangus/bacot, molor
c. Basa sedeng, dipaké pikeun ngajénan jalma anu leuwih handap pangkat atawa darajatna, tapi umurna leuwih kolot. Upamana baé ménak nyarita ka somah anu umurna leuwih kolot, anu dipakéna basa sedeng. Conto: “Seug baé Emang geura mulang!”
Konsép Undak-usuk Basa R. Satjadibrata
Dina bukuna Undak-usuk Basa Sunda anu terbit taun 1943, R. Satjadibrata ngabagi undak-usuk basa jadi tilu golongan: basa kasar, basa lemes, jeung basa panengah. Dina golongan basa kasar, aya basa kasar pisan. Ari dina golongan basa lemes aya basa lemes pisan atawa basa luhur. Dina ngagunakeunana, basa lemes dibagi deui jadi dua golongan: lemes pikeun nu ngahormat jeung lemes pikeun nu dihormat.
Dina ngagunakeun éta genep panta basa, Satjadibrata ngawincik kieu:
a. Basa kasar, dipaké pikeun nyarita jeung jalma anu sahandapeun (umur jeung darajatna). Sajaba ti éta, basa kasar dipaké dina bacaan-bacaan pikeun balaréa. Basa kasar téh mangrupa bagian penting dina basa Sunda, sabab ku ngagunakeun basa kasar urang bisa ngébréhkeun eusi pikiran. Panta-panta basa séjénna saperti basa lemes jeung basa panengah moal bisa dipaké lamun henteu dicampuran ku basa kasar.
b. Basa kasar pisan, dipaké pikeun ka sato atawa ka jalma lamun urang keur ambek. Golongan basa kasar pisan téh henteu loba, Satjadibrata ngan ngasongkeun conto 28 kecap baé, di antarana:
basa kasar: hulu, mata, irung, sungut, ceuli.
basa kasar pisa: babatok, bobocos, cucungik, bangus, gegeber (gegebir)
c. Basa lemes, dipaké pikeun ngahormat hiji jalma, biasana anu umur jeung status sosialna saluhureun nu nyarita. Sanajan kitu, pikeun maksud ngahormat, Satjadibrata nétélakeun yén taya salahna upama urang ngagunakeun basa lemes ka sahandapeun atawa ka nu satata, boh umurna boh darajatna. Basa lemes dibagi deui jadi dua golongan: lemes pikeun nu ngahormat jeung lemes pikeun nu dihormat. Dumasar kana digunakeunana kecap-kecap anu aya dina basa lemes, Satjadibrata ngabagi kecap-kecap basa lemes jadi tilu kelompok, nya éta:
1) kecap pikeun jalma anu ngahormat
2) kecap pikeun jalma anu dihormat
3) kecap anu disebut lemes énténg anu ogé bisa dipaké pikeun nu ngahormat jeung anu dihormat.
Contona:
basa kasar:abus, maan,babari,daék, éléh.
basa lemes pikeun nu ngahormat: lebet, ngabantun, gampil, purun, kawon.
basa lemes pikeun nu dihormat: lebet, nyandak, gampil, kersa, kawon.
basa lemes énténg: lebet, gampil, kawon.
d. Basa lemes pisan (luhur), dipaké pikeun ngahormat jalma anu pangkatna luhur pisan, anu dina basa Sunda disebut pangagung. Kecap pangagung dilarapkeun ka nu pangkatna ti bupati ka luhur.
Kecap-kecap anu kaasup basa lemes pisan dina daptar Satjadibrata ngan aya 23 kecap, di antarana:
Basa lemes: bantal, manah, ngantos, maparin, ngawuruk.
Basa lemes pisan: kajang mastaka, galih, ngadederek, ngalélér, ngawulang.
e. Basa panengah, dipaké pikeun nyarita ka jalma anu pangkat jeung darajatna sahandapeun, tapi umurna saluhureun. Kecap-kecap anu kaasup basa panengah, di antarana: mulang, panon, kakandungan, ngalahirkeun, maot.
Konsép Undak-usuk Basa R.I. Adiwidjaja
R.I. Adiwidjaja medar konsép undak-usuk basana dina buku Adegan Basa Sunda anu terbit taun 1951. Adiwidjaja ngabagi undak-usuk basa jadi tilu golongan nyaéta basa lemes, basa panengah, jeung basa kasar. Basa lemes dibagi deui jadi basa luhur, basa lemes, jeung basa sedeng. Ari basa kasar dibagi dua jadi basa kasar jeung basa cohag.
Dina ngalarapkeunana, Adiwidjaja nétélakeun kieu:
a. Basa cohag, dipaké upama keur ambek atawa pikeun maksud ngahina. Biasana mah basa cohag téh dilarapkeun ka sato, sabab upama dilarapkeun ka jelema bakal karasa kasar pisan. Conto:
Jor mantog ka dituh!
Na cokor kotor digubug ka jero imah?
b. Basa kasar, dipaké di antara sasama (babaturan). Ku kituna, disebut ogé basa loma. Basa kasar dipaké ogé pikeun nyarita jeung jalma anu sahandapeun darajat jeung pangkatna, atawa pikeun nyaritakeun jalma anu sahandapeun pangkat jeung darajatna, upama nu nyarita téh leuwih handap pangkat jeung darajatna ti batan anu dibawa nyarita. Conto dina kalimah:
Taslim, isukan silaing kudu hudang subuh-subuh.
(Taslim téh gandék.)
Tuh geuning, Asnawi geus datang.
(Asnawi téh patani.)
Duit téh geus dibikeun ku Warya ka silaing?
(Warya téh babaturan anu dicaritakeun)
c. Basa panengah, dipaké pikeun jalma anu sahandapeun pangkat jeung darajatna, tapi umurna leuwih kolot ti nu nyarita. Dipaké ogé pikeun nyaritakeun jalma séjén upama ka nu diajak nyarita téh ngagunakeun basa lemes. Basa panengah téh aya di sahandapeun basa lemes, tapi saluhureun basa kasar. Contona:
Mang Karta, engké mah di dieu baé saréna.
(Mang Karta, patani anu umurna leuwih kolot ti nu nyarita.)
Mang Lebé, ulah teuing mulang ayeuna atuh.
(Status sosial Mang Lebé sarua jeung Mang Karta)
Kutan, Nyi Parmi téh nyeri panon?
(Nyi Parmi, jalma anu dicaritakeun, umurna jeung status sosialna sahandapeun nu nyarita.)
d. Basa sedeng, nyaéta basa lemes anu dipaké pikeun ka diri sorangan atawa pikeun jalma séjén anu sadarajat jeung diri sorangan upama nyarita jeung jalma anu saluhureun pangkat, darajat, jeung umurna.
Conto:
Abdi moal tiasa mios ayeuna.
Tadi dongkapna pun Taslim téh.
(Taslim, anu dicaritakeun, satata jeung nu nyarita.)
Tanah téh cios dipésérna ku pun Karta.
(Karta, status sosialna sarua jeung Taslim.)
e. Basa lemes, dipaké pikeun nyarita jeung nyaritakeun jalma anu saluhureun pangkat, darajat, jeung umurna ti nu nyarita. Dipaké ogé pikeun nyarita jeung jalma nu can loma, upama pangkat, darajat, jeung umurna satata. Contona:
Bilih Ibu parantos palay, mangga geura kulem.
Iraha Engkang sumping?
Dupi Emang mulih téh cios énjing téa.
f. Basa luhur (basa lemes pisan), nyaéta basa anu leuwih luhur tibatan basa lemes, dipaké pikeun nyarita atawa nyaritakeun jalma anu luhur pisan pangkatna. Nurutkeun Adiwidjaja, kecap-kecap lemes pisan dina basa Sunda henteu loba, ku lantaran kitu upama euweuh basa lemes pisanna bisa ogé ngagunakeun basa lemes biasa.
Sajaba ti éta, Adiwidjaja ogé nyebutkeun ayana golongan anu disebut basa lemes dusun. Kaasup kana golongan ieu nyaéta basa lemes anu salah ngalarapkeunana. Conto:
Iraha Ibu bade wangsul? (sakuduna mulih)
Bapa Guru ka abdi teu kersa naros (sakuduna mariksa)
Abdi nembé dongkip harita téh. (sakuduna dongkap)
Konsép Undak-usuk Basa R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna
Dina bukuna Kandaga Tatabasa anu terbit taun 1957, R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna ngabagi undak-usuk basa Sunda jadi tilu golongan nyaéta basa kasar, basa panengah, jeung basa lemes. Basa kasar ngawengku basa cohag jeung basa kasar. Ari basa lemes ngawengku basa lemes jeung basa sedeng.
Salian ti éta, diterangkeun ogé yén baheula mah panta-panta undak-usuk téh aya genep, ditambahan ku basa luhur. Ngan ayeuna mah basa luhur téh geus carang digunakeun.
Ari digunakeunana éta panta-panta basa, Momon jeung Buldan nerangkeun kieu:
a. Basa cohag, dipaké keur ka sato atawa pikeun silihcarékan. Conto:
Hulu ucing.
Cokor embé.
Bangus sia!
b. Basa kasar, disebut ogé basa wajar atawa basa loma, dipaké pikeun nyarita jeung jalma anu geus loma sarta pikeun nyaritakeun jalma anu dianggap geus loma. Conto:
Geus beunang itungan téh, euy?
Naha silaing kamari henteu sakola?
Ari Si Wardi téh geus cageur?
c. Basa panengah, dipaké ka jalma anu leuwih handap pangkat jeung darajatna, pikeun nyaritakeun jalma anu sadarajat tapi can loma atawa jalma anu sahandapeun harkat jeung darajatna. Conto:
Ulah waka mulang ayeuna atuh, Mang!
Aya artos alit, cing nukeuran Mang!
Kalimah di luhur téh mangrupa campuran antara basa lemes (artos) jeung basa kasar (nukeuran), anu saenyana mah bisa dilemeskeun jadi ngagentosan. Anu matak kitu, ku lantaran anu nyarita hayang ngahormat ka nu diajak nyarita, tapi anu diajak nyarita téh pangkatna sahandapeun nu nyarita.
d. Basa sedeng, disebut ogé basa lemes pikeun nu ngahormat, dilarapkeun ka nu nyarita atawa jalma lian anu satata atawa sahandapeun upama nyarita jeung jalma anu saluhureun pangkat jeung darajatna. Conto:
Abdi teu acan neda.
Pun anak teu tiasa sakola, margi udur.
e. Basa lemes, dipaké pikeun nyarita jeung atawa nyaritakeun jalma anu saluhureun pangkatna ti nu nyarita. Conto:
Iraha pisumpingeunana Uwa téh?
Dupi Bapa iraha téa badé angkat ka Amérika téh?
Konsép Tatakrama Basa Sunda
Sanajan henteu ditétélakeun kalawan tegas, pedaran Karna Yudibrata, Agus Suriamiharja, jeung Iskandarwassid dina bukuna Bagbagan Makéna Basa Sunda, anu mimiti terbit taun 1989, bisa dianggap mangrupa émbrio konsép tatakrama basa Sunda anu kiwari mimiti dipikawanoh ku masarakat. Dina éta buku, Karna Yudibrata, spk. ngabagi panta-pantana basa dina basa Sunda jadi dua golongan gedé nyaéta ragam loma jeung ragam hormat. Ragam hormat dibagi deui jadi dua golongan nyaéta ragam hormat keur ka sorangan jeung ragam hormat keur ka batur. Boh babagiananana boh istilahna, henteu béda jeung konsép tatakrama basa Sunda, anu di antarana kapanggih dina buku Pedaran Basa Sunda (edisi révisi, 1992) beunang Yayat Sudaryat.
Dipakéna éta ragam basa téh, kieu:
a. Ragam loma, dipaké nyarita ka babaturan anu geus loma atawa nyaritakeun babaturan anu geus loma, dina suasana anu henteu resmi. Ragam loma ogé dipaké panganteur dina karya ilmiah, warta, jeung sajabana. Conto:
Iraha manéh rék balik téh, Dang?
Kamari kuring henteu sakola, lantaran gering.
b. Ragam hormat keur ka sorangan, dipaké pikeun ka diri sorangan upama nyarita ku ragam hormat atawa dina suasana resmi. Conto:
Abdi mah badé wangsul ayeuna baé.
Kamari abdi henteu sakola, ku margi udur.
c. Ragam hormat keur ka batur, dipaké pikeun ka batur atawa nyaritakeun batur upama nyarita ku ragam basa hormat.
Iraha badé mulih téh, Pa?
Dinten ieu Andri henteu sakola, ku margi teu damang
d. Sajaba ti éta, aya deui ragam kasar (cohag), anu biasana dilarapkeun ka sato atawa dipaké ku nu keur ambék. Ragam kasar (cohag) lain mangrupa bagian tina tatakrama (sopan santun) ngagunakeun basa. Sanajan kitu, dina sawatara hal mah ragam kasar (cohag) ogé sok dipaké upama urang nyaritakeun sato, boh nyaritana ngagunakeun ragam loma boh ngagunakeun ragam hormat.
Ari keur lapar mah dahar jeung hulu asin ogé ngeunah wé.
Pun lanceuk mah tuang sareng hulu peda ogé mani ngalimed.
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment