Saturday, July 26, 2008

MAKENA TATAKRAMA BASA SUNDA

(1) Ngalarapkeun Ragam Basa

Hal anu kudu diperhatikeun upama urang rék ngalarapkeun ragam basa tatakrama basa Sunda nyaéta:

1. saha anu nyarita,
2. saha anu diajak nyarita,
3. saha atawa naon anu dicaritakeun, jeung
4. suasana dina waktu nyarita.

Saha anu nyarita? Tangtu baé urang atawa diri sorangan. Ragam basa anu dilarapkeunana ogé ragam hormat keur ka sorangan, upama urang nyarita ngagunakeun ragam hormat. Upama urang niténan sawatara konsép panta-panta basa anu geus dipedar dina bagian 3, tétéla konsép tatakrama basa Sunda mah leuwih basajan upama dibandingkeun jeung konsép undak-usuk basa Sunda. Dina konsép ndak-usuk basa Sunda mah apan, upama urang rék ngalarapkeun ragam basa téh kudu mikir-mikir heula: naha anu nyarita satata, saluhureun, atawa sahandapeun anu diajak nyarita. Kakara urang bisa nangtukeun ragam basa anu dipaké.

Kitu deui jeung anu dicaritakeunana, urang kudu mikir heula naha anu rék dicaritakeun téh sahandapeun, saluhureun, atawa satata jeung urang katut anu diajak nyarita. Nyaritakeun jalma anu satata ka saluhureun, tangtu béda ragam basa anu dipakéna jeung nyaritakeun saluhureun ka sahandapeun. Nyaritakeun sahandapeun ka sahandapeun, tangtu béda jeung nyaritakeun saluhureun ka saluhureun deui. Tah, dina konsép tatakrama basa Sunda mah henteu kitu. Pikeun anu nyarita, saha baé anu nyaritana, rék saluhureun, rék sahandapeun, rék sahandap jeung anu diajak nyarita, ragam basa anu dipaké keur ka sorangan mah nya ragam hormat keur ka sorangan. Kitu deui jeung anu diajak nyarita jeung jalma anu dicaritakeun, saha baé anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeunana, ragam basa anu dipaké téh nyaéta ragam hormat keur ka batur. Koncina mah: ragam hormat keur ka sorangan dilarapkeun pikeun nu nyarita, ari ragam hormat keur ka btur dilarapkeun pikeun anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeun, iwal anu dicaritakeunana téh lain jalma. Barang atawa sato, ari keur sato mah anu dipaké ragam kasar (cohag). Lamun euweuh ragam kasarna, bisa ngagunakeun ragam loma.

Hal anu kudu diperhatikeun téh nyaéta suasana. Nyarita dina suasana resmi, tangtu béda jeung suasana henteu resmi. Dina suasana resmi ragam basa anu dipaké téh ragam hormat. Sanajan nyarita jeung anu geus loma, ari dina suasana resmi mah, saperti dina rapat, caramah, jeung acara resmi lianna, tetep kudu ngagunakeun ragam hormat.

(2) Nu Merenah jeung Teu Merenah

Dina ngagunakeun basa mah, salila komunikasi lancar euweuh anu salah jeung anu bener, aya ogé anu merenah jeung anu teu merenah dina ngalarapkeun ugeran basana. Dina basa Sunda mah, anu remen kapanggih téh anu aya patalina jeung tatakrama basa. Umumna anu henteu merenah dina ngagunakeun tatakrama basa téh nyaéta dina ngalarapkeun ragam hormat keur ka sorangan jeung ragam hormat keur ka batur. Utamana mah dina kecap-kecap Wanda Kahiji jeung Wanda Katilu. Kecap Wanda Kahiji nyaéta kecap anu ragam hormat keur ka soranganna béda jeung ragam hormat keur ka baturna. Ari kecap Wanda Katilu nyaéta kecap anu ragam hormat keur ka soranganna sarua jeung ragam loma.

Anu henteu merenah dina ngalarapkeun kecap Wanda Kahiji, contona:
1. Mah, abdi badé angkat ka sakola.
2. Abdi mah upami tuang téh kedah aya sayur baé.
3. Téh Dian nuju ngupingkeun lagu tina radio.
4. Tabuh dua mah abdi tos mulih ti sakola.

Kalimah anu merenah:
1. Mah, abdi badé mios ka sakola.
2. Abdi mah upami neda téh kedah aya sayur baé.
3. Téh Dian nuju ngadangukeun lagu tina radio.
4. Tabuh dua mah abdi tos wangsul ti sakola.

Kecap Wanda Kahiji téh henteu loba, dina béréndélan Bab IV ngan aya 39 kecap anu dipaké éntrina.

Ari anu henteu merenah dina ngalarapkeun kecap Wanda Katilu, contona:
1. Abdi mah teu gaduh raka, teu gaduh rai deuih.
2. Abdi téh nyeri sampéan, nu mawi teu tiasa ka mamana.
3. Anggoan olahraga abdi mah kakantun di sakola.
4. Mah, abdi badé ameng heula ka bumi Ina!
5. Ibu Tati mah ka sakola téh sok nyandak payung baé.

Kalimah anu merenah:
1. Abdi mah teu gaduh lanceuk, teu gaduh adi deuih.
2. Abdi téh nyeri suku, nu mawi teu tiasa ka mamana.
3. Baju olahraga abdi mah kakantun di sakola.
4. Mah, abdi bade ulin heula ka bumi Ina!
5. Ibu Tati mah ka sakola téh sok nyandak pajeng baé.

Kecap Wanda katilu kawilang loba, dina béréndélan Bab IV aya 97 kecap anu dipaké éntrina. Tapi sanajan kitu, gampang dijujut gurat-badagna. Umumna kecap-kecap Wanda Katilu téh mangrupa:
1. istilah pancakaki: aki, bapa, indung, anak, adi, lanceuk, alo, jsb.
2. ngaran babagian awak: beungeut, leungeun, suku, pipi, biwir, jsb. Anu teu kaasup kana Wanda Katilu, di antarana beuteung (Wanda Kahiji)
3. ngaran barang anu sok dipaké atawa diterapkeun kana awak: ali, beubeur, baju, calana, payung, jsb. Anu teu kaasup Wanda Katilu di antarana kacamata (Wanda Kadua)
4. ngaran anu sok karasa atawa tumiba kana awak: kasakit, batuk, muriang, seubeuh, capé, tunduh, jsb.

Ari kecap-kecap anu salian ti nu ditataan di luhur, dina Wanda Katilu mah teu kaasup loba, kurang leuwih ngan aya 20 kecap baé. Di antarana kecap diuk, mandi, seuri, ulin, heuay, awéwé, jeung lalaki.

Dina ngalarapkeun kecap tatakrama basa Wanda Kadua mah rélatif euweuh masalah. Ari sababna, ragam hormat keur ka sorangan jeung ragam hormat keur ka baturna sarua, jadi moal salah dina ngalarapkeunana dina kalimah atawa omongan. Upama téa mah masih kénéh loba kasalahan, bisa jadi lain ngan saukur soal tatakrama basa, tapi leuwih jauh ti éta, nya éta soal kamampuh ngawasa kabeungharan kecap basa Sunda. Leuwih jauh deui ti éta, soal sikepna kana basa Sunda!

(3) Ngalarapkeun Kecap Pun jeung Tuang

Dina tatakrama basa Sunda aya kecap pun jeung tuang. Titénan geura conto ngalarapkeunana dina kalimah di handap!
1. Abdi dongkap ka dieu téh tadi siang sareng pun Asép.
2. Kaleresan pun bapa mah henteu iasa sumping ayeuna.
3. Saurna mah engké baé badé sareng sareng tuang rama.

Kecap pun dina kalimah 1 fungsina sarua jeung kecap “si” dina ragam loma. Upama éta kalimah disalin kana ragam loma, kieu:
1. Kuring datang ka dieu téh tadi beurang jeung si Asép.

Kecap pun dina kalimah 2 maksudna pikeun ngalemeskeun kecap bapa, sakaligus mibanda harti “… kuring”. Jadi kecap pun bapa di dinya ngandung harti “bapa kuring”. Anu matak upama urang geus ngagunakeun kecap pun bapa (ragam hormat keur ka sorangan), teu kudu dituturkeun ku kecap kuring. Upama éta kalimah disalin kana ragam loma, kieu:
2. Kabeneran bapa kuring mah henteu bisa datang ayeuna.

Kecap pun anu dituturkeun ku istilah pancakaki, kabéh ogé sarua ngandung harti “kuring”. Contona: pun aki (aki kuring), pun biang (indung kuring), pun adi (adi kuring), pun lanceuk (lanceuk kuring), jeung pun anak (anak kuring).
Ari kecap tuang dina kalimah 3 ngan dipaké dina ragam hormat keur ka batur, anu ngandung harti “anjeun”. Jadi kecap tuang rama di dinya ngandung harti “rama anjeun”. Jadi dina konsép tatakrama basa Sunda mah kaasup kaleuleuwihi lamun nyebutkeun tuang rama anjeun téh. Cukup tuang rama baé. Kecap tuang (anu lain ragam hormat tina dahar), salawasna kudu dituturkeun ku ragam hormat keur ka batur tina istilah pancakaki. Conto séjénna: tuang ibu (ibu anjeun), tuang rai (rai anjeun), tuang raka (raka anjeun). Upama kalimah 3 disalin kana ragam loma, kieu:
3. Omongna mah engké baé rék bareng jeung bapa manéh.

Anu sok jadi masalah téh ngabédakeun antara kecap pun adi anu maksudna “adi kuring”, jeung pun adi anu maksudna “pamajikan kuring”. Kitu deui jeung kecap pun lanceuk anu maksudna “lanceuk kuring” jeung anu maksudna “salaki kuring”. Hésé ngabédakeunana, komo upama anu nyaritana téh jalma anyar pinanggih anu umurna lilikuran. Éta mah dipasrahkeun kana kasurti anu diajak nyaritana baé.

(4) Anu teu Kudu Dirobah kana Ragam Hormat

Teu sakabéh kecap ragam loma, sanajan aya ragam hormatna, bisa dirobah kana ragam hormat (boh keur sorangan boh keur batur), upami urang nyarita ku basa hormat. Titénan geura sawatara conto kalimah di handap!
1. Ka jalmi anu gedé hulu mah seueur nu ceuceub.
2. Bumi Pa Yayat téh di Jalan Balonggedé.
3. Sanaos neda sareng hulu pindang, ari nuju lapar mah raos baé.

Kecap gedé hulu dina kalimah 1 mangrupa babasan. Babasan téh kaasup kana pakeman basa, anu geus matok kekecapanana sarta geus maneuh éntép-seureuhna. Upama diganti ku kecap séjén, dirobah kana ragam basa séjén, atawa dibulak-balik éntép-seureuhna, bakal ngarobah kana maksud éta pakeman basa. Anu matak kecap gedé hulu teu bisa dirobah jadi ageung mastaka, upamana, sabab bakal ngarobah maksud tina éta babasan. Anu kaasup kana pakeman basa, salian ti babasan téh nyaéta paribasa. Ku kituna, babasan jeunh paribasa kaasup kecap atawa ungkara anu teu kudu dirobah kana ragam hormat.

Kecap Balonggedé dina kalimah 2 mangrupa ngaran jalan. Ngaran jalan, ngaran tempat, jeung ngaran géografis lianna kaasup anu teu kudu dirobah kana ragam hormat, upama nyarita ku ragam hormat. Balonggedé mah Balonggedé baé, teu kudu dirobah jadi Émpangageung, upamana. Kitu deui ngaran tempat Pondok Gedé, teu kudu dirobah jadi Pondok Ageung.

Kecap hulu dina kalimah 3 dilarapkeun ka sato, anu dipakéna ogé ragam kasar (cohag). Jadi, sanajan nyarita jeung saha baé, jeung Bupati upamana, hulu pindang mah hulu pindang baé, teu kudu dirobah jadi mastaka pindang.

No comments: